Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Perpisahan Sekolah Kelas 9 – Dalam acara perpisahan biasa ada perwakilan dari angkatan yang akan berpisah dan meninggalkan sekolah karena semua sudah pada lulus. Bila kamu berdomisili di Jawa Barat, maka pidato perpisahan ini bisa saja disampaikan dalam bahasa Sunda.
Pidato adalah sebuah kegiatan berbicara di depan banyak orang. Pidato dilakukan dengan menggunakan bahasa yang baik dan dapat diterima oleh pendengar. Umumnya, orang yang melakukan pidato akan menyampaikan gagasannya kepada orang lain atau pendengar.
Isi pembicaraan di dalam pidato akan menjelaskan mengenai ide dan petunjuk. Tak jarang juga orang yang melakukan pidato akan memberikan nasihat-nasihat kepada para pendengarnya. Hal itu tergantung pada konteks atau kondisi pidato tersebut.
Berikut adalah contoh teks pidato bahasa Sunda tentang perpisahan sekolah kelas 9. Yuk, simak berikut contoh pidatonya.
Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Perpisahan Sekolah Kelas 9
Assalamualaikum wr. wb.
Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah,Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulungdina raraga nyakseni upacara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca badengantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun.
Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuring Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuringsaparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Simkuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sarengcita-cita.
Kantenan wae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal jantenpanineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuringsaparakanca diajar neangan elmu. Ruang riung boh di kelas boh dina rupa rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan.
Tangtos bae eta sadayana bakal janten panineungan nu moal kahihilapkeun. Atuhkasaean Bapa kalih Ibu Guru sadaya, elmu pangaweruhna anu didugikeun ka simkuring saparakanca tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalansorangeun.
Pamugi elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi saparakanca.
Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasamales eta kasaean, mung tiasa ngedalkeun dua, pamugi rupining elmu sareng katiasaanu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran anu mangtikel-tikel ti Allah Ala Wa Zalla. Amin
Bapa kalih Ibu guru kalebet rengrengan ti tata usaha, salami sim kuring saparakancadiajar di ieu sakola tangtosna seueur pisan kalepatan, seueur pisan sikep sarengparipolah anu tangtosna tiasa janten ngajaheutkeun manah ka sadayana.
Jalaran kitu, ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda sihhapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sarengkaluluputan.
Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taunieu sing tiasa neraskeun tolabul elmu. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan,nyukcruk elmu di tingkat nu langkung luhur.
Rupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang larap,bilih aya kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntenna Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalualaikum wr. wb
Itulah contoh teks pidato bahasa Sunda tentang perpisahan sekolah kelas 9. Contoh tersebut dapat Anda jadikan sebagai referensi jika Anda mendapatkan tugas untuk menyampaikan teks pidato pada acara perpisahan kelas 9. Semoga bermanfaat!