2 Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Perpisahan Sekolah Sd – Dalam acara perpisahan biasa ada perwakilan dari angkatan yang akan berpisah dan meninggalkan sekolah karena semua sudah pada lulus. Bila kamu berdomisili di Jawa Barat, maka pidato perpisahan ini bisa saja disampaikan dalam bahasa Sunda.
Pidato adalah sebuah kegiatan berbicara di depan banyak orang. Pidato dilakukan dengan menggunakan bahasa yang baik dan dapat diterima oleh pendengar. Umumnya, orang yang melakukan pidato akan menyampaikan gagasannya kepada orang lain atau pendengar.
Isi pembicaraan di dalam pidato akan menjelaskan mengenai ide dan petunjuk. Tak jarang juga orang yang melakukan pidato akan memberikan nasihat-nasihat kepada para pendengarnya. Hal itu tergantung pada konteks atau kondisi pidato tersebut.
Berikut adalah contoh teks pidato bahasa Sunda tentang perpisahan sekolah sd. Yuk, simak berikut contoh pidatonya.
2 Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Perpisahan Sekolah Sd
Contoh 1 Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Perpisahan Sd
Assalamu’alaikum Wr Wb
Alhamdulillahirabbil’ alamin wabihi nasta’in ala umuuriddunya waddin wassholatu wassalamu ala asrofil anbiyaai walmursalin. Amma ba’du.
Hadirin sadayana, tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Illahi Rabbi anu parantos ngagerakeun urang sadayana sangkan tiasa kempel riung di tempat ieu dina raraga acara Perpisahan Murid kelas 6 SD Negeri 7 Cigalontang.
Sholawat miwah salah oge mugia salawasna dilimpahcurahkeun ka junjunan urang sadayana habibana wanabiyana Muhammad SAW. Oge ka kulawarga, sohabat, para ulama, dugi ka urang sadayana salaku umatna nu mudah-mudahan beriman dugi ka poe akhir. Aamiin.
Hadirin sadayana anu ku simkuring dipikahormat,
Nepangkeun nami abdi Iman Sulaiman salaku perwakilan ti angkatan 57 SD Negeri 7 Cigalontang nu ngagaduhan ieu hajat perpisahan. Teu karaos salila genep taun lamina abdi sareng rerencangan sadayana aya di sakola ieu. Ieu artina, abdi sareng rerencangan teh bakal papisah ti sakola ieu.
Abdi ngawakilan rerencangan saangkatan bade ngahaturkeun nuhun ka bapa sareng ibu guru anu parantos ngawulang abdi sadayana salami 6 tahun. Mugia kabeh elmu anu dipasihan ti ibu sareng bapa maslahat kanggo kahirupan abdi sadaya. Oge mugia janten ladang ibadah kanggo ibu sareng bapa.
Mugia sagala kasaean bapa miwah ibu guru menangkeun walesan di gusti Alloh. Aamiin.
Mung sakitu anu tiasa abdi sampaikeun ngawakilan rerencangan saangkatan. Kirang langkung nyuhunkeun pangapunten. Kasalahan mah milik abdi, kasampurnaan mah milik Allah.
Hatur nuhun.
Wassalamu’alaikum Wr Wb.
Contoh 2 Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Perpisahan Sd
Assalamualaikum wr. Wb
Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Amaa ba,du.
Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatanieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.
Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW,Teu hilap ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Aamiin ya robbal alamin.
Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas genep. Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu.
Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilaf abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal.
Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Aamiin.
Sakitu ti abdi an ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT.
Wabilahitaufik walhidayah
Wassalamu’alaikum wr.wb
Itulah 2 contoh teks pidato bahasa Sunda tentang perpisahan sekolah kelas 6 Sd yang dapat kamu jadikan sebagai referensi untuk membuat teks pidato. Semoga bermanfaat!