3 Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda Singkat dan Berbagai Tema – Kegiatan berpidato dalam bahasa sunda disebut dengan biantara.
Berpidato menggunakan bahasa Sunda di sisi lain merupakan salah satu cara yang digunakan oleh masyarakat Sunda untuk memperkenalkan budaya berbahasa daerah kepada kaum muda.
Nah, dalam artikel ini kita akan memberikan 3 contoh teks pidato bahasa Sunda dengan berbagai macam tema. Yuk, simak berikut contoh teks pidatonya.
3 Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda Singkat dan Berbagai Tema
Contoh 1 Pidato Bahasa Sunda Tentang Kesehatan
Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng enjing ka sadayana, urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT nu atos masihan kasempatan sareng kasehatan. Nu mana urg tiasa patepang raray di acara ieu.
Ibu/Bapa anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, para wargi anu dipikahormat ku simkuring.
Dina waktos ieu abdi bade ngadugikeun pentingna urang ngajaga kasehatan kanggo hirup urang sadayana. Urang sadaya wajib ngajaga kasehatan sareng kabersihan lingkungan, teras urang teh kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten jeung cara anu sehat. Misalna meresihan awak pas urang keur ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, jeung sajabana. Tah eta teh conto cara hirup nu sehat.
Conto anu sanesna urang kedah miceun runtah di tempatna, teu kenging sembarangan, terus lamun nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin ge kudu nutupan bahan ambeh henteu nularkeun virus ka batur. Urang teh kedah mikacinta kanu kabersihan diri urang, sangkan hate urang ge suci jeung bersih.
Lamun urang hoyong janten jalmi anu jagjag waringkas, urang kedah soson-soson meresihan diri urang sorangan tina sagala kotor nu aya. Bade eta kotor jasmani atanapi kotor rohani, upami meresihan kokotor jasmani urang teh kedah mineng mandi, meresihan lingkungan, jeung sagala kokotor anu bisa nyebabkeun panyakit di diri urang.
Tuluy kumaha lamun bade meresihan kokotor rohani, carana nyaeta urang kudu ningkatkeun kaimanan urang jeung ibadah urang ka Gusti Allah. Ngan anu kudu diinget teh, sehat lain saukur bersih hungkul. Tapi urang kedah ngagerakeun jasmani urang nu matak ngajagjagkeun diri urang. Misalnya urang rajin olahraga.
Hadirin sadayana cekap sakitu pidato tentang kasehatan ieu, hatur nuhun kana perhatosanana.
Wassalamualaikum Wr. Wb.
Contoh 2 Pidato Bahasa Sunda Tentang Agama
Assalamualaikum Wr. Wb.
Puji sareng syukur urang sanggakeun ka Allah SWT anu Maha Agung, dina dinten ieu teh urang sadaya tiasa ngariung sasarengan dina acara ieu.
Hadirin anu dipikahormat,
Berimana kana qada jeung qadar seueur manfaatna, di antarana tiasa nguatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah SWT. Selain ti eta bisa oge nyadarkeun urang yen sagala perkara atawa kajadian nu aya bumi ieu teh, tos diatur ku Allah SWT. Matak ayana qada jeung qadar ieu teh bisa numbuhkeun kateguhan hate sareng kasabaran urang, salila urang hirup di dunia. Masalah atawa rintangan naon wae anu aya di hirup urang teh, ngarupakeun katetepan ti Allah SWT. Jadi urang teh kudu tawakal, da sagala rupina ge tos aya izin ti Allah SWT. Urang sadaya moal tiasa ngahindar ti katetapan Allah SWT, deuk nu hade deuk nu goreng.
Sadayana tos diatur ku Maha Kawasa.
Iman kana qada jeung qadar ieu oge bisa numbuhkeun kanikmatan ti Allah SWT, sareng ngadorong urang bersyukur ka Allah SWT salawasna. Sakieu heula pidato ti abdi, upami aya cariosan anu merenah di hate abdi nyuhunkeun dihapunten.
Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Contoh 3 Pidato Bahasa Sunda Tentang Ulang Tahun Yayasan
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Bapa miwah Ibu, sareng hadirin hormateun sim kuring. Wilujeng enjing Dina raraga miéling milangkala Yayasan Atikan, anu kadua puluh dua taun. Insya Alloh bakal dieusi ku sababaraha kagiatan, nyaéta Pasanggiri Biantara Basa Sunda sareng pasanggiri Jaipongan.
Dina émutan sim kuring, henteu aya lepatna upami ngalangkungan seni, sadayana sauyunan ngabingbing atanapi ngageuing para pamuda. Anu janten udagan, supados para pamuda téh tiasa ngajénan basa sareng seni titinggal karuhunna. Malah dugi ka tiasa numuwuhkeun kreatifitas-na. Ari sanés ayeuna iraha deui atuh. Sareng ari sanés ku urang mah atuh ku saha deui tradisi budaya Sunda téh diajénan. Bangsa deungeun ogé seueur mu katarik ningali pintonan kasenian Sunda téh. Dugi ka di nagrina mah, seueur siswa nu dialajar gamelan sagala rupi.
Pamungkas, tangtos baé dina lumangsungna ieu kagiatan, seueur kénéh kakiranganana, kukituna hapunten anu diteda. Henteu hilap, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka Bapa Ketua Yayasan, Bapa Kapala Sakola, anu parantos ngaping sareng ngabingbing sim kuring saparakanca. Mugi-mugi sadaya amalna kénging pangbales anu langkung ageung ti Alloh SWT.
Billahi taufik wal hidayah, Wassalamualaikum Wr. Wb.
Itulah 3 contoh teks pidato bahasa Sunda yang singkat dan berbagai macam tema. Contoh-contoh pidato bahasa Sunda tersebut dapat kamu jadikan sebagai referensi, ya. Semoga bermanfaat!